Senin, 05 Oktober 2015

biantara sunda walimah safar haji


Assalamualaikum wr. wb
Alhamdulillahi robbil ‘aalamiin wa bihi nasta’iinu ‘alaa umurid dunyaa waddiin ash sholaatu wassalaamu ‘alaa asyrafil anbiyaa wal mursaliin wa ‘alaa aalihi wa shohbihi ajma’iin ‘amma ba’du.. qoolallahu fil qur’aanil kariim.. a’udzu billahi minasy syaithoonirrojim bismillahirrohmaanirrohiim wa lillaahi ‘alannaasi hijjul bayti manis tathoo’a ilayhi sabiilaa.. shodaqollahul adhim..
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kayaan sehat walafiat. Sholawat miwah salam mugia salalawasna dilimpahkeun ka Nabi jungjunan alam, Nabiyyina wa Habibina Muhammad.. Shollallohu alaihi wasallam. Oge ka kulawargina, para sahabatna tabi’in atba’uttabi’iin oge malah mandar urang sadayana mugia kaangken salaku umatna tur dipaparin syafa’at ku mantenna jaga di yaumul jazaa.. amiin..

Salajengna sim kuring asmana pamarentahan RW 01 seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya anu sami rawuh di ieu gempangan dina raraga walimatussafar salah sawios wargi urang anu bade nohonan tur nyampurnakeun rukun islam anu kalima mangrupi ibadah haji.
Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja ngungkapkan rasa kabingah anu taya hinggana, rehna salah sawios wargi urang wastana bapa........ dikersakeun nampi hiji pangulem ti Nu Maha Suci Allah subhanahu wata’ala kanggo angkat nohonan panggero Gusti ngalaksanakeun ibadah haji, dina raraga nyampurnakeun rukun Islam anu ka lima. Ieu rasa kabingah mugia disarengan ku kaikhlasan bapa sinareng ibu sadaya kanggo sami maparin dorong du’a kanggo sohibul maksad, mugia angkatna ka Mekkah teh masing salalawasna aya di karidhoan Allah subhanahu wata’ala, diraksa tur dijaring ti kawit angkatna dugi ka mulihna ka lembur teu kirang nanaon, utamina mugia dijantenkeun haji anu mabrur... amiin..
Para Ibu Bapak hadirin rahimakumulloh,
Ibadah haji mangrupi hiji ibadah anu teu sagawayah, mung jalmi anu mampuh anu dipaparin pangulem Allah kanggo angkat jarah ka tanah suci teh. Kamampuhan di dieu sanes wungkul diukur ku bengharna harta, da teu sakedik umat islam anu parantos dinilai mampu dina hal harta, namung teu acan angkat keneh ka tanah suci. Oge teu sakedik jalmi anu numutkeun syare’at mah jalmi teu gaduh tapi tiasa ibadah haji. Hal ieu mangrupi hiji tanda yen, Gusti Allah pangeran anu maha Suci seja ngulem ka saha bae anu mampuh ngalaksanakeun ibadah haji numutkeun miqdar tur ukuran mantenna anu maha adil. Kuhalna kitu kacida payusna lamun seug urang anu dugi ka danget ieu, teu acan dipaparin kasempetan angkat jarah ka tanah suci, teras2an ngadu’a nyuhunkeun sangkan urang dipanteskeun tur dijantenkeun golongan hamba Gusti anu mampuh ngalaksanakeun ibadah haji. Teu kenging aya emutan, yen urang mah pamohalan tiasa ka mekkah da anging Allah anu uninga tur milih hamba2-Na anu kinten2 kalebet jalmi anu mampuh mungguh Gusti pangeran Anu Maha Suci.
Hadirin wal hadirot Rahimakumulloh
Mugia, ngalangkungan ieu acara urang sadayana tiasa kajurung hate tur kamotivasi sangkan tetep anteb ngadu’a ka gusti sangkan tiasa angkat ka tanah suci ngalaksanakeun ibadah haji. Oge sakali deui, ka sohibul maksad wilujeng miang ka tanah suci ngalaksanakeun salah sawios parentah Gusti nu Maha Suci, nagalaksanakeun ibadah haji tur mugia dipaparin kasalametan dugi ka mulih deui ka lembur nyandak titel haji anu mabrur.. amiin Yaa Robbal-‘alamiin..

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.

2 komentar: